Assalamu alaikum Wr. Wb
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar
Lailaha Ilalohu Allohu Akbar,
Allohu Akbar Walilahilhamdu
Panon Poe tanggal 30 Romadhon sakedap deui bakal surup, sora takbir, tahlil tahmid awor jeung dulag ngaguruh minuhan jomantara, sakuliah pagunungan puncak cakrabuana bengras taya pepedut nu ngahalangan barudak pating gorowok di sisi masjid ngucapkeun takbir bari nabeuh dulag. rasa sedih bakal paturay sareng bulan anu agung, mugia sagala amal urang, Saum, Sholat, Bacaan Qur'an sareng amalan nu sanensna janten amal sholeh anu ditampi ku Alloh SWT, kalayan salanjengna mugia urang tiasa ngamalkeun hasil latihan sabulan Romadhon dina kahirupan nu bakal datang, hirup kumbuh jeng masyarakat kalayan tiasa jadi conto tur tauladan piken rahayat, hirup urang langkung sae, langkung manfaat tibatan dinten-dinten kapengker diwuwuh ku kasehatan, kajembaran rijqi sareng manah, tiasa ngalaksanakeun tugas nu saleres-leresna salaku Hamba Alloh sr Abdi negara.
Kalayan rumaos seueur kalepatan, sareng teu tiasa sampurna dina ngalaksanakeun tugas nu diemban baik salaku hamba Alloh sareng Abdi Negara. Atas nami diri Pribadi,Istri sadaya, Keluarga sareng Pimpinan di OPD Kecamatan Lemahsugih Sim kuring NGAHATURKEUN WILUJENG BOBORAN SYIAM, . nyuhunkeun dihapuntrn tina sadaya kalepatan MINAL A'IDIN WAL FAIZIN. Taqobalalohu Mina Waminqum, Syiamana Wasyiamakum. Aamiin
.
Camat Lemahsugih
